Dina Al-Qur’an Surat
Isroil nerangkeun:
سُبْحَانَ
الَذِى اَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلًامِنَ اْلمَسْجِدِاْلحَرَامِ اِلَى
اْلمَسْجِدِاْلاَقْصَ
Ngayatakeun Junjunan urang kenging anugrah
ti Allah swt, di idro’keun sareng di Mi’rajkeun dina wengi 27 Rajab, anu dina
ayat dijelaskeun yen ngawitan angkatna ti mesjidil Harom dugi ka mesjidil
Aqso’.
Jadi kasimpulanana, di Mesjid ka Mesjid
dianggo lumampah Manten-Na ti Mekkah dugi ka Yerusalam, teu ingkah ti Mesjid ka
Mesjid. Ari Mesjid the bahasa Arab, lamun ceuk urang mah tempat sujud, di
Mesjid paranti sujud urang, jadi urang kudu sujud. Sujudna ieu teh kudu di
gunakeun dina tiap amal laku, margi Sulthon Auliyya kantos ngadawuhkeun dina
kitab Baruqotul Robbani: tumaros ka Gusti Alloh: “naon hakekatna ari Mi’raj
Gusti…?? jawab Allah ka Sulthon Auliyya:
اَلْمِعْرَجُ هُوَاْلعُرُوْجُ عَنْ كُلِّ شَىْىئٍى
سِوَائِى
Mi’raj teh ningkatkeun rasa, ngilangkeun
sagala rupa ingetan lain ti ka Kaula wungkul”.
Jadi kudu bener-bener aya paningkatan dina
bulan Rajab ieu teh, kudu aya dina karumasaan yen kabeh oge ti Allah.
Numawi dina amal tingkatkeun ibadahna ka
Allah, terutama anu geus aya dina kitab-kitab anu diterangkeun nyaeta Sholat
Rajabna, aya Puasa Rajabna, Shalat Rajab the aya anu tanggal malem ka hiji,
malem ka lima belas, malem ka tilu puluh. Ieu the ngayatakeun ningkatna
paribadatan anu hartina sumujud kana parentah Allah. Lamun langkah-langkah
urang teu di barengan ku sumujud, eta teh hartina kosong, tingkatkeun sing jadi
manusa anu gerak kagiatanana teh aya dina ibadah, oge bakti ka papada, kudu aya
dina rasa sumujud ka Gusti Allah.
Margi ibadah ka Allah khsusna bakti ka
papada manusa umumna parentah Allah:
حَبْلٌ مِنَ اللهِ وَحَبْلٌ مِنَ النَاسِ
Didasari ku ayana sumujud kana parentah
Allah, ti Mesjid ka Mesjid ti mimiti dugi ka anggeus ulah ngalesotkeun sumujudna,
ulah nyingkah tina taatna, ulah ingkar tina kasatiannana, ulah kaluar tina
kapatuhan estu kudu sumujud,sumerah ka Gusti Allah swt.
Tah dina Bulan Rajab ieu tingkatkeun
saperti Mi’rajna Kanjeng Rosululloh. Ari hakekatna Mi’raj:
اَلصَلاَةُ مِعْرَاجُ اْلمؤْ مِنِيْنَ
Sholat Mi’raj jalma iman mah, kudu mengikuti cara
nabi, ucapan nabi diturutan, padamelan Nabi ditirutan sakumaha Isro’ jeung
Mi’raj, dituduhkeun ku Anjeun-Na:
اَلصَلاَةُ مِعْرَاجُ اْلمؤْ مِنِيْنَ
Anu kumaha Shalatna….? Nya anu ngeunaan
kana garis tadi anu di dawuhkeun ku Sulthon Auliyya:
اَلعُرُوْجُ عَنْ كُلِّ شَىْىئٍى سِوَائِى
Ningkat tina ingetna ka Allah, ngilangkeun
kanu sejena, ari urang mah boro-boro di luar Shalat, keur Shalat oge ngacaprak
wae pikiran the, jadi can ningkat can jadi Mi’raj. Meumpeung Rajab hayu urang
tingkatkeun supaya jadi kuat imanna teguh tauhidna. Ulah taun kamari gawe mgam
kedul, papanggih deui jeung Rajab masih kedul, taun kamari can daek ngalakukeun
shalat tahajud, Rajab ayeuna can ningkatkeun keneh bae, jadi teu aya gesehna,
teu aya ningkatna. Jadi gunakeun peningkatan dina bulan Rajab ieu the sagala
kegiatan ibadah jeung bakti:
حَبْلٌ مِنَ اللهِ وَحَبْلٌ مِنَ النَاسِ
Tembongkeun kasatiaan, kahidmatan terhadep parentah
Allah jeung Rosulna, oge tembongkeun bakti ka Agama jeung Nagarana.
Sabab lamun urang teu kitu teu aya ningkatna, ningkat
tina sagala ingetan lain ti wungkul ka Gusti Allah. Heunteu aya deui amal laku
anu sejenna digunakeun iwal ti wungkul ibadah ka Gusti Allah. Sesuai jeung
ikrar urang anu ku urang di baca dina unggal shalat:
اِنَّ صَلاَتِى وَنُسُكِى وَمَحْيَاىَ وَمَمَاتِى لِلهِ رَبِّ
العَالَمِيْنَ
Sayaktosna sholat abdi, sayaktosna ibadah abdi,
sayaktosna ngatur hirup jeung kahirupan abdi, sayaktosna maot abdi, abdi sadaya
nyerahkeun ka salira Gusti.
Tah jadi dina sagala
tingkah laku teh masrahkeun sagala-galana ka Gusti Allah. Tapi ternyata bujeng-bujeng
dina luar shalat, di luar ibadah keur ngatur kahirupan, cacak keur sholat keur
ibadah oge masih can nyerahkeun diri ka Pangeran, ke bedol keneh ku sangheuk,
masih keneh digundalan ku kedul, ku mumul, ku kituna kudu jadi perhatian urang
dina bulan Rajab ieu gunakeun sing aya ningkatna.
Gusti nabi nerangkeun
dina sejarahna, Anjeun-Na ka langit ka hiji, kadua, katilu dugi ka langit ka
tujuh ka sidrotul muntaha. Urang ningkatkeunana numutkeun Ulama Tasawuf kudu
mapay-mapay latifah anu tujuh anu di dunia pinuh ku gogoda-gogoda anu rek
megatan urang. Sabab karep setan jeung nafsu teh rek nyasabkeun, rek
nyasarkeun, nyasarkeunana lain dina luar badan bae tapi di jero badan. Dawuhan
Nabi:
اِنَّ
الشَيْطَانَ يَجْرِى عَلَى النَّاسِ مَجْرَى الدَّمِ حَتَّى تَحْطَرَ بَيْنَ
اْلمَرْءِوَقَلْبِهِ
Syetan ngagoda manusa
teh asup ka jero badan manusa melalui lubang getih munuju pusat getih. Di dunia
manehna nyeureud, ngajak, supaya manusa kedul, mumul, mantangul, ari di jero
diolahna nafsu nyakitu: “musuh kaula, oge musuh Aranjeun-Na teh nafsu anu
ngancik salilana dina jero hate, teh hate urang teh dipake rundingan nafsu,
boga karep rek nyasabkeun rek nyasarkeun, sakumaha dawuhan Allah:
وَيُرِيْدُ
الشَيْطَانُ اَنْ يُّضِلَّهُمْ ضَلاَ لاًبَعِيْدًا
Ari maksud setan teh
rek nyasabkeun, rek nyingkirkeun, rek mengkolkeun, rek ngagagalkeun sagala
maksud hade manusa, boh dunyana boh Akheratna.
اِنَّ
لِكُلِّ شَىْىٍٔ صِقَالَةٌوَصِقَالَةُالقُلُوْبِ ذِكْرُالله
Saterangna sagala rupa
oge aya alat keur ngabersihkeunana. Saperti ngabersihkeun buruan aya alatna,
keur ngabersihkeun samak aya alatna, keur ngabersihkeun karpet aya alatna, keur
ngabersihkeun badan, keur ngabersihkeun gigi, keur ngabersihkeun mata aya
alatna:
وَصِقَالَةُالقُلُوْبِ
ذِكْرُالله
Ari alat keur
ngabersihkeun hate dzikir ka Gusti Allah.
Tah jadi tina latifah
ka hiji, ka dua ka tilu dugi ka tujuh teh, teu aya deui keur meresihkeunana
iwal ku ti dzikir. Numawi Sulthon Auliyya ngadawuhkeun:
اَلْمِعْرَجُ هُوَاْلعُرُوْجُ عَنْ كُلِّ شَىْىئٍى سِوَائِى
Mi’raj teh naekna rasa,
ningkatkeun kanu seejenna, da lamun teu ku dzikir mah moal bisa, kanggo naon
eta teh? Kangge ngilangkeun sagala gerakan setan jeung nafsu anu ngahalangan
dina jero bathin urang. Pan gusti Nabi oge kantos di halangan ku iblis nalika
angkat ti Mesjidil Harom, iblis ngageroan mimitina ti katuhu ya Muhammad!teu di
waler, ti kenca ya Muhammad? Teu di waler, akhirna ti hareupeun mawa obor
ngahalang-halang tapi teu beunang dihalangan terus jalan. Ceuk paribasa Anjing
ngagonggong kafilah berlalu ku Gusti Nabi mah digunakeun, ari urang mah
digeroan ti katuhu ngalieuk, digeroan ti kenca ngalieuk, ti hareup nepi ka
henteu ngalakukeun hade ngarasa kahalangan.
Tah ulah dugi ka kitu
gunakeun dina urang ngalakukeun Khotaman berjama’ah lain sakadar di Suryalaya
bae, dimana tempat anu geus dibuka manaqiban, pangajian sarumpingan ka eta
tempat, nyirikeun urang bener-bener ningkatkeun diri ngudag kahadean lahir
bathin, ulah dugi katingal angger. Kamari memeh Rajab kalakuan teu bener, ayeuna
Rajab masih teu bener keneh, kamari kedul ayeuna masih kedul keneh, kamari
mumul ayeuna masih mumul keneh.
Tah ulah dugi ka kitu,
hayu urang tingkatkeun meumpeung bulan Rajab, terutama sakeudueung deui bulan
Rewah ngayakeun shalat Nisfu Sya’ban anu saratus (100) raka’at, teu perlu
dihoreamkeun aya halangan kudu ageung manah kana ibadah ka Allah mah. Saperti
para sahabat para Tabi’in urang ikuti ku urang ulah kapiheulaan ku wegah, kudu
rasa enteng rasa hampang boga karep anu tinggi ulah jadi manusa anu karepna anu
kotor, anu rupek, anu mundur kadang-kadang hancur.
Jadi kasimpulannana
Mi’raj ieu teh ti Mesjid ka Mesjid mimiti urang lumampah ngalakukeun kahadean
teh dasarna sumujud ka Pangeran dugi ka anggeusna, tetep sumujud. Ulah
ditembongkeun diri urang aral subaha, ngananaha komo ditalukeun jeung kaayaan
urang masih kieu bae ti bareto osok shalat oge, tahajud osok, tasbeh osok tapi
tetep bae kahirupan teh mundur terus, tah ulah dugi ka dikaitkeun kana kahirupan
anu model kitu, justru urang nembongkeun ibadah teh didasaran ku sumujud, pinuh
ku kasabaran ku katawekalan.
Ku ayana hirup
ngarenghap usik-malik bisa ningal, bisa ngadangu oge geus cukup, seueur nikmat
ti Allah anu kedah di syukuri, anu ku urang kedah di nikmati. Ti baheula urang
tiasa ngarenghap masih can disyukuri terus, kari-kari urang daek ibadah
dikaitkeun kana kakayaan, rugi dagang, teu maju tani. Kudu gedekeun wawanen
urang, sumawonna dina keun untungna najan
dina keur rugi oge ulah megatkeun ibadah ka Pangeran, tetep bae
khotaman, tetep bae berjama’ah dzikir, ulah kieu kapeung datang ari keur boga
duit, kapeung deui datang da keur kosong jadi angin-anginan. Buru-buru
berjama’ah jeung batur-batur saimah-saimah berjama’ah da bisa aya hukumna, keur
ngalakukeun ibadah shalat, puasa, khotaman, dzikir aya bukuna. Ari urang
ningkat mah lakukeun bae dina sagala tingkah laku, nuhun-nuhun saperti ayeuna
di Pasantren Suryalaya di sarumpingan katingal can bosen ti baheula, malah
mingkin pepek, mingkin euyeub bae terus-terusan. Tah katempat anu sanesna oge
boh di Jakartana, boh di Bandungna, boh di Garutna, di Sumedangna, di Tasikna,
di luar negrina anggeurkeun nuhun-nuhun ditingkatkeun. Jadi inditna teh kudu
dasarna sumujud, datangna oge kudu sumujud ngayatakeun nikmat Allah, di
anugrahkeun ku Allah dugi ka urang tiasa ibadah, ari teu aya pitulung Allah mah
dimana bisa:
لاَ
يَمْلِكُ لِنَفْسٍ ضَرًّا وَّلاَنَفْعًاوَّلاَحَيَاةًوَّلاَمَوْتًاوَّلاَنُشُوْرًا
Mu’min mah teu ngamilik
sesuatu pedah manfaatna, pedah madhorotna, pedah beungharna, pedah miskinna,
pinterna, bodona teu daya upaya anging sagala tingkah laku, sagala gerakannana
atas pitulung Allah.
Tah jadi didinya sagala
urang langkah teh nganyatakeun sumujud ti mimiti dugi ka anggeus teh di bawah
naungan pertolongan Allah, jadi lain karep urang, lain kabisa urang, lain
kanyaho urang.
Anu matak moal aya
laasna, moal laas ku pedah hujan, moal kendor ku pedah halodo, mun hujan mun
halodo tetep bae ngalakukeun kahadean, ngalakukeun kaalusan daek bakti, daek
beramal, daek tutulung, daek tatalang sakumaha anu dianjurkeun dina TANBIH,
keureuyeuh bae jadi urang teh sing jadi manusa anu dasarna sumujud ulah dugika
dasarna hoream, ham-ham, urang sing jadi manusa anu sumujud, nyanggakeun
syukuran, ngarumaoskeun urang di gerakeun ku pangeran oge mensyukuri atas
nikmat Allah Insya Allah mulus rahayu moal aya kuciwana lahir bathin.
Mangga urang ayeuna
diraksa, diriksa diri ku dzikir, gunakeun nu diucapkeun, nu di ingeutkeun keur
ngabina diri urang, jasmani-rohani supaya tuman jadi hamba Allah Swt. Tah kuayana
kitu teh kudu kudu hasil nikmat kana perasaan urang ayeuna, urang tingkatkeun
dzikir anu nikmat kana perasaan urang, nyakitu deui sing ngeusi kana ati parat
kana rasa tembus kana qalbo.
Akhirna mudah-mudahan
Allah ngalimpahkeun Taufik sareng Hidayah ka urang sadayana, urang ku ayana
ngariung bari ngaderes sing aya mangfaatna kangge urang sadayana, khususna
kangge pribados. Amiin Ya Robbal ‘Alamin/
Wabillahit Taufik Wal
Hidayah

Dicutat tina : Mimbar
PP Suryalaya
No. 02/1993

3 Februari 2000
Tidak ada komentar:
Posting Komentar