Urang sok ngadu’a ka pangeran, hayang dipanjangkeun
umur. Kade ulah lepat hartos, sanes hayang manjangkeun umur atanapi hayang
ngaleuwihan tina umur nu tos ditangtoskeun ku pangeran, namung hayang
dipanjangkeun dina jalan kahadean, tiasa nyonto kangjeng nabi anu teu pegat-pegat
(manjang) aya dina kasaean. Kapan geunina sanaos parantos teu aya lahirna oge,
teu weleh seungit teu weleh panjang bae kasaeanana tur diramalkeun di sakuliah
dunya.
Numutkeun Hadits : Budak memeh nincak
umur 4 bulan, parantos ditulis dina taarna :
1.sabaraha lilana hirup di dunya
2.kahadeannana sareng kaawonanana
3.kumaha milik/rizkina
4.pinter sareng bodona.
Etamah parantos aya ti baheulana.
Umpama aya
nusok menta panjang umur, naha tambah ku naon atuh, kapan umur teh tos
ditangtoskeun, ngan sakitu-kituna.
Cenah eta
geuning, aya nu maot dihirupkeun deui. Eta mah ulah jadi heran sabab aya
MUJIZAT atanapi KARAMAT, nu dimaksud kanggo ngebrehkeun yen Mujizat sareng
Karamat teh memang aya.
Jadi, nu nyata
mah umur teh lain manjangan tapi ngurangan. Tiap menit, tiap jam teh beuki
beak, tambah deket kana waktu nu geus ditangtukeun. Unggal renghap, umur teh di
“KORTING” nepi ka beak.
Ku ayana kitu,
ulah GOPLAH atuh dina tiap renghap teh, pek EUSIAN KU ELING KA ALLAH. Eusian!
Eusian! Samenit teu dipake Eling ka Allah, hartosna samenit aya dina
kagoplahan. Omat ulah diparake sombong.
Dawuhan Allah
dina Qur’an surat asysyu’araa 88-89:
YAOMA LAA
YANFA ‘UMAA LAW WALAA BANUUN ILLA MAN ATALLOHA BIQOLBIN SALIM. Dimana datang
poe kiamat, sagala ge teu aya nu mangpaat, iwal jalma anu datang anu sumerah ka
Allah, mawa ati nu bersih.
Jadi, syaratna
teh nya eta: “DZIKRULLOH - ELING” nu hartosna sumerah, tunduk sareng taslim.
Kumaha ari
urang?
Urang mah, nu
karaos hirup teh seueur pohona tibatan elingna. Geuning dina Qur’an surat
Al-‘Asri, urang teh tos aya dina wanci Asyar, wanci akhir zaman.
Rugi, upami
aya dina wanci Asyar teh sabab geus burit, tanaga geus kurang, rek macul geus
moal aya nu muruhan da geus poek, geus lain wancina pikeun macul. Ku kituna,
pek atuh ti isuk keneh ari rek digawe mah da wanci asyar mah geus telat.
Saha atuh anu
teu rugi? Nu teu rugi mah nyaeta jalma SABAR . Mun ker aya, sabar. Mun keur
susah atawa rugi, tetep sabar. Mun bingung ge, sabar bae moal cekcok moal
ngarasa rugi da teu salah eunteup.
Ieu mah kumaha
geura, keur halodo ngarep-ngarep hujan, ari geus hujan gegelendeng “Rek indit
........ ieu teh, naha bet hujan” poknna teh.
Nu rugi dina
waktu asyar teh diibaratkan situ nu teu dikocoran cai, ari caina nu geus aya
terus-terus dikocorkeun. Tapi laukna dina eta situ teh terus bae ngarendong tur
teu mirosea kumaha engke nasib anak-anakna. Cai beuki orot, lauk beuki
ngalobaan. Ari lauk nu galede kalah ka mijah ngirihan cai, boga rasa teu
ngabahayakeun kana dirina. Lele boga angkuhan aya pamatilna, padahal mun cai
saat mah kabeh ge bakal paeh.
Nu boga situ
teh nyieun lombang dumeh caina saat, cor lombang teh dikocoran cai. Lauk gede
gugurinjalan hayang buru-buru asup kana lombang, moyeg ngagokan anu laleutik,
tapi saenyana mah heula keneh anu laleutik asupna kana lombang teh malah
akhirna mah nu leutik nu salamet mah, seperti burayak da eta mah kapan bisa
hirup dina cai saeutik, nu hartina: manusa nu lemah lembut.
Sepuh urang
geus ngaramalkeun lir ayak-ayak beas, nu gede moncor, nu leutik nyangsang.
Jelasna, kudu jadi manusa nu lemah lembut, ber-akhlak utama ulah badag garihal,
sahingga firman Allah: PANGTAKABUR JALMA TEH NYA ETA NU DAEK MAPATAHAN TAPI
MANEHNA TARA MIGAWE.
Urang kudu
jadi manusa anu lemah lembut teh ku jalan parentah pangeran nyaeta: WADZKUR
ROBBAKA FII NAFSIKA, kudu inget ka
Pangeran dina jiwa maneh, dina lelembutan maneh (latifah), sabab setan teh
ngagoda ka urang, nepi kana lelembutan. Asup kana liang geutih, asup kana
LATIFAH NU TUJUH, ngararap leuwih lemes tibatan sireum.
Kumaha atuh
ngusirna?
Pek gunakeun
dzikir zahar ulah asa-asa, diibaratkeun nakol paku ku leungeun, kapan moal ge
nancep, tapi pek gunakeun ku palu sing tarik, pasti teurakeun.
DZIKIR
ZAHAR teh keur nganteurkeun DZIKIR
KHOFI, supaya ngesi kana rasa anu salilana
rasa teu poho ka Pangeran, nu akhirna bisa nyingkirkeun gogodana setan nu ngesi
lelembutan (latifah/bathin) manusa nu kalindih kaandih kayajah karanjah ku
panggoda setan pangwujuk nafsu.
Muga-muga urang
sing tiasa ngajalankeun, kalayan aya
hasilna demi kapentingan Bangsa jeung Nagara. Amiin.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar